BISMILLAHIRROHMANIRROHIM
Assalamua’laikum Warohmatullohi Wabarokatuh
Allhamdulillahirobbila’lamin wabihi
nastai’nu a’la umuridun ya
waddin wasolatu wasolamu a’la asrofil ambiya iwal mursalin waa’la alihi wasoh bihi ajmain amabadu.
Anu ku pribados dipihormat Almukarom ti
Pondok Pasantren…………………………… Bapa………………………… ti …………………………..., Bapa Kepala Desa
Ciketak sinareng perangkatna,
Bapa Kesra, Bapa Ulis, Ketua DKM sareng perangkatna, Tokoh Agama, Alim Ulama,
para sesepuh, pamuda pamudi oge para Bapa Ibu hadirin anu sami dipihormat.
Langkung ti payun
mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT, anu mana kalayan rahmat sareng karuniana
urang sadaya tiasa kumpul mungpulung paamprok jongkok patepang raray dina
raraga “Mieling di babarkeunana kanjeng Nabi Muhammad SAW”, Dina kaayaan sehat
walafiat. Solawat
miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadaya Habibana Wanabiyana Muhammad SAW”, ka para
kulawargina, ka para
Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka urang sadaya salaku
umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajarana. Amin ya Allah Yarobbal
a’lamin.
Hadirin sadaya anu sami dipihormat. Hapunten sateuacana
pribados nuhunkeun widi,
salaku pangjajap acara atanapi panganteur
carita. Bade maoskeun sababaraha mata acara anu baris di pidangekun dina wengi
ieu. Acara anu ka hiji nyaeta
-
Bibika, anu kadua
-
Laporan ti atas nami panitia, anu katilu
-
sambutan ti atas nami ketua DKM Desa
Ciketak, anu ka opat
-
Gerentes
manah
ti atas nami aparatur pamarentahan Desa, anu ka lima
-
Pangumuman
perlombaan para juara, anu ka genep
-
Acara inti “Uraian Hikmah”, anu
pamungkas
-
Do’a atanapi panutup
Hadirin
sadaya anu sami dipihormat, supados teu nyangkolong kana waktos mangga urang buka acara anu kahiji nyaeta bibika,
kalayan sasarengan maos Basmallah, Bismillahirrohmanirrohim. Masih dina acara
anu kahiji anu mana bade di eusi ku aosan kalam Ilahi, anu bade di aoskeun
ku………......................... sareng
saritilawah........................... Ka...............................
disumanggakeun.
Hatur nuhun ka...................................sareng
saderek....................................... anu parantos maoskeun kalam
ilahina pamudah-mudahan urang sadaya kenging rahmat ti mantenna.
Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu
kahiji, mangga urang teraskeun kana acara anu kadua nyaeta laporan ti atas nami
panitia, ka Saderek “Irwan Sukmanto” disumanggakeun. Hatur nuhun ka saderek Irwan Sukmanto anu parantos masihan
laporana pamudah-mudahan urang sadaya kenging manfaatna, Amin!
Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu
kadua mangga urang teraskeun kana acara anu katilu nyaeta sambutan ti atas nami
Ketua DKM Desa Ciketak, ka Bapa Edi Jubaedi di sumanggakeun. Hatur nuhun ka
Bapa anu parantos masihan sambutana pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangfaatna, Amin!
Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu
katilu mangga urang teraskeun kana acara anu ka opat nyaeta gerentes manah ti
atas nami pamarentahan Desa, ka Bapa........................................................
di sumanggakeun, hatur nuhun ka Bapa...................................... anu
parantos masihan gerentes manahna, pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangfaatna. Amin!
Para Bapa Ibu hadirin anu sami berbahagia, rengse acara anu ka opat mangga urang teraskeun kana
acara anu ka lima nyaeta pangumuman para
juara anu kenging dina perlombaan dina raraga mieling di babarkeunana
junjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad SAW. Ka
saderek.............................................. disumanggakeun. Hatur
nuhun ka saderek.......................... anu parantos maoskeun sadaya para
juara, pamudah-mudahan ngajantenkeun motivasi kangge putra sareng putri urang
sadaya. Amin!
Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu
ka lima mangga urang teraskeun kana acara anu ka genep nyaeta acara anu di
antos antos kurang sadaya “Uraian Hikmah” ka Bapa Almukarom di sumanggakeun.
Hatur nuhun ka Bapa Almukarom anu parantos masihan uraian hikmahna pamudah-mudahan
urang sadaya kenging syafaat, ti mantenna, Amin! Ya Allah Ya Robbal a’lamin.
Hadirin sadaya anu sami berbahagia, rengse acara anu ka
genep, mangga urang teraskeun kana acara anu pamungkas nyaeta do’a atanapi
panutup, kangge nutup ieu acara mangga urang sasarengan maos Hamdalah. Allhamdulillahirobbila’lamin.
Para Bapa Ibu hadirin sadaya anu sami dipihormat.
Allhamdulilah acara katut acara parantos ku urang sadaya dilaksanakeun, kalayan
teu aya halang harungan naon-naon. Ka sadaya anu sami darongkap hatur nuhun
pamudah-mudahan dina dongkapna hadirin sadaya ngahijikeun salah sahiji amal
soleh kangge hadirin sadaya, Pribados salaku pangjajap acara nuhunkeun
dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina sagala perhatosanana.
Akhirul kalam Wabillahitaufik Walhidayah Wassalamua’laikum Warohmatullahi
Wabarokatuh.
hatur nuhun kang
BalasHapusnuhun
BalasHapus;
htur nuhun mmang, mugia bermanfaat
BalasHapusHatur nuhun kang, ngabantos pisan
BalasHapushaturnuhuhun
BalasHapushaturnuhuhun
BalasHapusNuhun ah mudah mudahan manfaat
BalasHapusizin copas...
BalasHapushatur nuhun kang
Hatur Nuhun
BalasHapushaturnuhun....
BalasHapusHatur nuhun kang katampi
BalasHapusSae pisan nuhun
BalasHapushatur nuhun kang,, sae pisanan...
BalasHapusmugia aya manfaatna,, khusus ka si akang anu ngadamel ieu bibika,,
oge ka sadaya anu ngalaksanakeun nana...
ammiin ya alloh ya rabbal 'alamin...
Hatur nuhun pisan. Mantep
BalasHapusHatur nuhun, izin salin
BalasHapusTengkiw kang
BalasHapusTengkiw kang
BalasHapus